13/10/11

Nikmat Nalenyap (Nundutan)

dina alas imbit kuring nyanghunjar
gigireun imah nyanghareup parit
ti belah kidul hiliwir angin ngusap raga
sumawona sora cai parit nyerelek ngeusi balong
mepende panon nu geus cieuy
teu karasa...
heuay merelek
dituturkeun ku istigfar

hmmm...
panon ngagayot lir burayot
najan ci kopi gigireun
pon kitu deui nu amis na
geus teu kapalire
lepppppppppp ngalenyap '-'

gdebuttt...cengkir kalapa murag
korejat kuring milu lilir
teu karasa panon poe geus lingsir ngulon
aya ku nikmat ngalenyap sakeudeung oge

duhh gusti...ingettt
masih keneh boga pancen
lohor can kalampah
cengkat tina pangdiukan
loss indit ka masigit