01/08/11

Munggahan


Munggahan atawa naon bae disebutna, teu aya hukum-hukumna acan. teu kaasup sunat komo-komo wajib, ngan munggahan mah salah sahiji tradisi. Salah sahijina di kampung kuring Sindangkasih Kab. Ciamis.
Rupa-rupa cara masyarakat ngaekspresikeun munggahan, diantarana aya nu ;
- Mandi beberesih diteruskeun maca al-quran
- arulin jeung balad-balad salemburna
- Ngaraliwet jeung loba keneh macam na.

Biasana tempat rekreasi nu paling loba di jug-jug.
Lian ti murah oge bisa hiburan babarengan jeung kulawargana, diteruskeun kana botram (makan bersama) jeung timbel nu geus disiapkeun di imah saacana.
Aya oge nu indit k makam meresihan makan karuhun.Lah pokona mah rupa-rupa, nu ka kaler, ka wetan, ka kidul, ka kulon pating suliber nu leumpang geus karuh kandaraan mah macet hese meuntas-meuntas jalan acan.

Ngan kuring mah BNI, tapi lain Bank Negara Indonesia.
Tapi BNI = Bagean Nunggu Imah.
Hmmmmm ditarimakeun we da geus kumaha deui, kabeneran buruan imah barala geus we munggahan nu ayeuna mah ngored.
Ngan biasana mah munggahan tahun memeh-memehna jarang aya di imah,
aprak-aprakan ngumbar karesep/ulin.
Ngan batan udar-ider kaluar oge teu puguh-puguh bisi we matak ceuk kolot ge, mending beberesih.
( nu puguhna mah bokek sureke ).

27/07/11

Papatah

Indung anu ngakandung
Salapan bulan langkung
Dipikanyaah dipidangdung
Euweuh indung anu nguyung pundung
Sanajan kadang aya anu embung

Bapa anu ngayuga
Ihtiar neangan beaya
Saban poe teu weleh nyatria
Kumaha jeung kumaha
Supaya anakna jadi jalma

Gubrag ka dunya pada mapag ku pangbagea
Utun inji geus atra aya
Pada mulasara pada nampa
Pada-pada hayang boga carita
Rundayan hirup anu mula

Dirawu dipangku, nini aki boga incu
Dipuja didama-dama, indung bapa boga putra
Papada galumbira sadaya tatangga
Jabangbayi geus salamet gubrag ka dunya
Jadi jalma harepan sakumna warga

Koceak dengek teu beunang dicarek
Teu nempo di kolot eukeur kerek
Meusmeus ngarenghik, hayang nyapek
Teu nyadar kana kaayaan kolot, ku sangeunahna dewek
Untung kolot mah rido reujeung daek


di pedar ti : ciburuan.wordpress.com

16/07/11

Sabda Sunda

Sunda moal leungit ku ganti wanci
Sunda moal laas ku robah mangsa
Sunda moal luntur ku kurunyung taun
Sunda moal helas ku ilang bulan

Sunda geus ngancik dina ati
Sunda geus nyayang dina dada
Sunda Geus kaukir dina fikir
Sunda geus manunggal dina rasa

Brah lumampah.. migawe sunda nu nyata
jung lumaku.. migawe sunda nu luhung
jig geura indit.. migawe sunda nu sajati
Tanda syukur ka Gusti nu Maha Suci

Dimana geus eling kitu.
Rek ka wetan, Prak..!
Rek ka kidul, jug..!
Rek ka kaler, perk..!
Rek ka kulon, los..!


(ti : menjawab dengan hati dot com)