16/07/11

Sabda Sunda

Sunda moal leungit ku ganti wanci
Sunda moal laas ku robah mangsa
Sunda moal luntur ku kurunyung taun
Sunda moal helas ku ilang bulan

Sunda geus ngancik dina ati
Sunda geus nyayang dina dada
Sunda Geus kaukir dina fikir
Sunda geus manunggal dina rasa

Brah lumampah.. migawe sunda nu nyata
jung lumaku.. migawe sunda nu luhung
jig geura indit.. migawe sunda nu sajati
Tanda syukur ka Gusti nu Maha Suci

Dimana geus eling kitu.
Rek ka wetan, Prak..!
Rek ka kidul, jug..!
Rek ka kaler, perk..!
Rek ka kulon, los..!


(ti : menjawab dengan hati dot com)

0 komentar: