PITUTUR

Nyalindung abdi ka gusti tina pirang-pirang godaan setan anu dilaknat, kalayan asma-Na Allah nu kagungan sifat murah oge sifat asih.
Solawat sinareng salam mugia salalawasna dilimpah curahkeun kajungjunan N.Muhammad saw, kulawargi sareng para sohabatna tug dugi ka urang sadaya salaku manta dugi ka akhir zaman.
Pangersa baris ngaguar carita, nalungtik diri ngotektak awak dina kahirupan simkuring.


Sok sanaos hasilna tebih ti nulisna para wali, rekana para pujangga oge nyusunna para empu linuhung nanging pamugi tiasa dipalar mangfaatna kanggo kadang baraya sadaya tur carita boh bahasa ieu teh mugi teu leupas tina simbol, silib, sindir, siloka jeung sasmita, nu jadi pipinding guareun urang sadaya di alam ieu dunya.
kalihna ti eta bilih kirang tata, kirang titi, duduga peryoga, cologog sareng sajabina mugia jembar panghampura

0 komentar: