24/08/11

Uleman Sunda

Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Tatandang nu bakal midang, balebat mangsana miang, cunduk waktu nu rahayu nitih wanci mustari ninggang mangsana waluya malati ligarna ati, kembang tanjung nu gumulung pameungkeut cangreud kadeudeuh, pakait patali asih pasini rintih ngahiji subaya nyata geugeut layeut laki rabi sareng pamugi dianti-anti nyakseni Walimatul Nikah pun anak anu Insya Allah bade dilaksanakan dina :

Dinten  : Senin
Ping  : 7 Juni 2011
Waktos : Tabuh 11.00 dugi ka tabuh 14.00 WIB
Tempat : Kalapanunggal II - Sindangkasih - Ciamis

Mugia dina waktosna Bapa/Ibu/Saderek ngersakeun rurumpaheun sumping ka rorompok riung mungpulung ngedalkeun katresna manah sasarengan jajap du’a pamugi ginanjar kawilujengan ginuluran rakhmat Allah kalayan aya dina karidoan manten-Na.

Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

0 komentar: